Rabu, 13 Januari 2016

Rundayan Nabi {Bahasa Sunda}

Wajib ka jalma Islamna
Uninga rundayanana
Jeung nabi utusan Alloh
Muhammad putra Abdullah
Muhammad putra Abdullah

Abdullah putra Mutholib
Mutholib putrana Hasyim
Hasyim putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Qushoy
Abdi Manaf putra Qushoy

Qushoy putrana Kilab
Kilab putrana Murroh
Murroh putrana Ka'ab
Ka'ab putrana Lu'ay
Ka'ab putrana Lu'ay

Lu'ay putrana Gholib
Gholib putrana Fihir
Fihir putrana Malik
Malik putrana Nadhor
Malik putrana Nadhor

Nadhor putra Kinanah
Kinanah putra Khuzaimah
Khuzaimah putra Mudrikah
Mudrikah putrana Ilyas
Mudrikah putrana Ilyas

Ilyas putrana Mudhor
Mudhor putrana Nizar
Nizar putrana Ma'ad
Ma'ad putrana 'Adnan
Ma'ad putrana 'Adnan

Ti 'Adnan dugi ka Adam
Haram nguningakeunana
Ti 'Adnan dugi ka Adam
Sabab taya jalan shoheh
Sabab taya jalan shoheh

Wajib deui uningana
Rundayana ti ibuna
Jeung nabi utusan Allah
Muhammad putra Aminah
Muhammad putra Aminah

Aminah putrana Wahab
Wahab putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putrana Zuhroh
Zuhroh putrana Kilab
Zuhroh putrana Kilab

Tepang deui jeung eyangna
Ti Kilab janggawarengna
Janten ibu jeung ramana
Masih keneh sarundayan
Masih keneh sarundayan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar